Rabu, 03 Maret 2010

Tanggung Jawab




Rebun-rebun keneh ceu Icih geus singkil make pakean nu rada weuteuh, gap kana sendal keteplek nu di bungkus ku palastik di kolong risbang, rada weuteuh keneh kawantu karak meuli basa keur lebaran kamari da ngahaja tara di pake sapopoe jang piparantieun ari liar jauh, teu poho kop kana dompet butut paranti indit-inditan, nu eusina ngan ukur KTP bisi aya nanaon cenah jeung duit jang ongkos di jalan.
"Abah..kuring rek indit ayeuna nya, bisi beurang teuing!" ceuk ceu Icih ka Bah Karta salakina
"heug jung di do'a keun sing salamet, jeung sing hasil!" jawab Bah Karta pondok bari gap kana pacul tuluy di panggul dina tak takna.
Sanggeus bebeja ka salakina tuluy ngagedig indit sorangan rek ngajugjug ka cianjur, di anteur ku paneuteup Bah Karta nu sajongjongan ngahuleng neuteup ceu Icih nepi ka ngilesna lebah pengkolan kebon jagong, sanggeus kitu mah gandeuang Bah Karta indit muru ka beulah kulon ka lebah kebon Mang Juha nu nitahan tikamari keneh sangkan melak sampeu.

kacaturkeun ceu Icih dina lalampahan nana, sanggeus ngaliwatan kebon jagong jeung galengan sawah hareupeun imahna sababaraha kotak, bras nepi ka jalan tembok satapak nu geus karadas tembokna tinggal koralna wungkul, sanggeus sababaraha pengkolan reg ceu Icih eureun lebah jambatan bari ngareureuhkeun kacape, sanggeus leler kacapena tuluy leumpang dui meuntas jambatan ngajugjug ka jalan nu rada lega anu brasna ka jalan gede, ti kajauhan keneh geus katempo mobil nu lalar liwat.


sanggeus nepi ka sisi jalan reg ceu Icih eureun bari nitenan kaayaan, kasampak geus rea barudak ngora nu rek di garawe ka pabrik garment siganamah da make pakean saragam pabrik.

teu kungsi lila jol tikajauhan katempo mobil beus jurusan Bogor, cung.. leungeuna ngacung, minangka nyetop eta mobil, reg mobil teh eureun, jrut kenekna turun bari nuyun ceu Icih titah naek, katempo meuni pasesedek, tapi daek teu daek manehna kudu naek, da nungguan beus nu kadua mah bisi beurang teuing. sup kajero mobil bari tiseseleke dina kelek batur nu kaambeu rupa-rupa bang-bauan, aya nu melenghir seungit minyak sinyong-yong anu matak lieur jeung sebel aya oge nu bau haseum kelek nu matak murel kana angen. teu kungsi lila nangtung, karasa tonggongna aya nu noel, barang di lieuk si horeng budak lalaki ngora keneh nu keur diuk dina korsi pang sisina, nitah diuk kamanehna, karunyaeun meureun, ahirna ceu Icih bisa tumaninah diuk dina beus nu sakitu pinuhna.

sajeroning tumpak mobil, pikirannamah kumalayang ngarakacak ka mana mendi mikiran nu jadi anak. kumaha teu kitu, manehna rumasa ngarasa kacolongan ku nu jadi anak, rumasa teu bisa ngadidik agama jeung darigama ku lantaran manehna miskin ku harta jeung harti. Lain teu hayang nyakolakeun budak tapi dalah dikumaha da teu wasa ngawaragadanana, boro-boro jang biaya sakola, pakean saragam jeung buku-buku, dalah jang dahar ge sasatna mah koreh-koreh..cok.. teh saenyana.

sanajan hirup di lembur oge, manehna mah teu boga tempat atawa taneuh sapengki-pengki acan ceuk paribasana, da cicing oge di tempat batur nu haat karunyaeun mere tempat keur cicing bari nitah tatanen di kebon na, engke hasilna di bagi dua jeung nu boga tempat.

si Eneng anakna nu kahiji sanggeus kaluar ti SD kelas 4 da kulantaran teu boga biaya, sanggeus rada gede tuluy gawe jadi pembantu di Jakarta, sanggeus kawin tuluy eureun di gawena da euweuh nu ngasuh budak, ayeuna balik ka lembur bari mawa budak 2katut salakina nu sarua geus teu gawe, ngadon pasesedek diimahna.

Saleuheungeun si Euis adinamah bisa namatkeun sakola SD-na, nu ahirna mah bisa di gawe di pabrik garment di kabupaten, lumayan ngabantu-bantu ka-opat adina nu lalaki kabeh nu meujeuhna bilatung dulang.

"Awi..awi..yang ciawi siap-siap...!" kadenge kenek gogorowokan ngagarewahkeun lamunan, jung nangtung tuluy leumpang bari muntang ngadeukeutan panto da ayeunamah teu pati pinuh teuing kos tadi geuing geus tarurun meureun di lebah pabrik-pabrik nu loba kaliwatan tadi, da lolobanamah geuning karyawan wungkul.

reg beus eureun di hareupeun pertigaan ciawi, jrut penumpang tarurun termasuk ceu icih, sanggeus luak-lieuk manehna tuluy nyebrang ngilu jeung salah saurang panumpang lain nu sarua rek nyebrang, tuluy naek L300 jurusan cianjur.

Teu kacaturkeun di jalanna, ceu Icih geus nepi ka tempat anu dituju, sanggeus tatanya ka sababaraha urang ahirna manehna dituduhkeun ka hiji imah imah setengah badan, anu bilikna geus karancang bakating ku lapuk.
"euleuh...geuning jauh ti sangkaan imahna teh, cenah anak menak, ari heug teh...!" gerentes hate ceu Icih bari ngagedig muru panto imah, tuluy uluk samlam nu teu lila di tembalan ku nu boga imah.
"wa alaikum salaam!" cenah bari kulutrak muka panto, breh katenjo hiji tangtungan lalaki tengah tuwuh make baju kampret hideung nu geus belel
"euh..punten, bade tumaros , leres ieu teh bumina jang Jaka?" ceu Icih tumanya bari rarat-reret
"heu euh, kuring teh bah ahmad bapana si Jaka, na euceu teh saha? sareng ti mana? asa karek panggih abah mah!" tanya bah Ahmad bari kerung
"na kamana ari si Jaka na?" ceu Icih lain ngajawab kalah malik nanya bari bangun nu ambek
Bah Ahmad surti yen pasti aya masalah penting nu rek di omongkeun ku ni semah "euh... sok atuh kajero ceu, ngobrolna di jero geura!"
bus duanana abus ka jero imah,sanggues dariuk dina samak walini kakarak ceu icih muka obrolan
"kieu, kuring teh pun Icih, bah, jauh-jauh ti Sukabumi maksud teh rek nepungan si Jaka!" ceu Icih teu kebat ngomongna karasa aya nu nyelek dina tikorona
"euh..na aya naon kitu, asa ku rareuwas!" ceuk Bah Ahmad nanya meuni daria
sanggeup ngarenghap pok ceu Icih neruskeun omongannana "saenya namah jaka teh sering ka ditu bah manggihan si Euis anak kuring!"
"oh, sukur atuh ari kitumah!"
"ayeuna budak teh keur gering alatan kalakuan si jaka anak abah!" ceu Icih nyeuneu
"hor, na dikumahakeun ku si Jaka teh?"
"kamari di bawa ka puskesmas cenah ceuk mantri teh, anak kuring keur kakandungan geus nincak 3 bulan!"
gebeg...bah Ahmad ngagebeg ngadenge omongan ceu Icih kos kitu, tuluy reup beungeutna geuneuk bari kekerot naham amarah
"jaka, jakaa..naaa..kalakuan sia teh, ngerakeun aing siah..!" pok na teh bari ngajengkat tuluy indit ninggalkeun imah
ceu icih bengong mata simeuteun nempo kalakuan bah Ahmad model kitu.

Teu kungsi lila torojol deui bah Ahmad datang bari ngajeuwang leungeun Jaka, nu ngeluk tungkul siga nu eraeun.
"Tah, ceu ieu mangkelukna, terserah rek dikumahakeun oge, kumaha euceu we, rek di podaran sugan... kuring mah rido!" ceuk bah Ahmad bari renghap ranjug nahan ka ambek.
Jaka ngadiprek tuluy nyuuh di hareupeun ceu Icih.
"punten mak, sanes Jaka alim tanggel waler da Jaka mah teu terang lamun euis dugi ka kakandungan!" ceuk Jaka bari luwa lewe hayang dipikarunya
"alah..siah, lalaki atah adol, teu nyaho di tanggung jawab, ngadon ngaruksak anak aing, geus seubeuhmah di tinggalkeun ku sia!" ceu icih ngabudalakeun kakeselna nu tatadi mundel dina dadana.
"ampun mak, ampuun...!abdi rumasa salah!, abdi bade tanggel waler!"
"heu euh kudu kitu atuh, na ari sia kamana wae teu embol-embol, nyaho anak aing eusian teh!"
"sanes kitu mak..abdi..abdi..!" teu kebat Jaka ngomongna kalah hing weh ceurik
"ari sia kalakuan siga awewe, naha bet leweh!" Bah Ahmad nu tatadi cicing nyentak bari nulak cangkeng
"ayeunamah, wayahna maneh Jaka jeung abah kudu ka imah kuring ayeuna keneh ka Sukabumi..kuring menta di beresan anak kuring, heu euh di kawinkeun ayeuna keneh, teu hayang nyaho, kuring embung wirang ku tatangga boga budak reuneuh euweuh bapaan!" tembel ceu icih nyeuneu

leng Bah Ahmad katut Jaka ngahaluleng sakedapan, tuluy Bah Ahmad nembalan bari leuluey.
"heug, ari kitumah kahanyang euceu, kuring ge satuju, tapi kuring ayeuna teu boga duit saperak-perak acan kuer ngawaragadan nana, kieu we atuh ..tungguan sakeudeung, kuring rek ngajual heula si jalu!" omongna kitu bari ngagidig ka lebah panto dapur tuluy kakandang domba nu ngan aya 2 siki, sanggeus muka kandang tuluy indit bari nungtun domba ka lebah tonggoh.

sawatara jongjongan ceu Icih jeung Jaka cicing pahuleng-huleng.
"Jaka, ayeunamah buru, beresan baju maneh, geura siap-siap kadituh!" ceu Icih muka omongan
"mangga ma!" tembal Jaka pondok bari kuniang hudang muru kakamar.

"euh, geuning jelema jaman ayeuna majar teh anak menak, geuning jalma kokoro siga aing, keur nganjang mah nyatu ge meuni kudu jeung nu ngeunah kayaning endog jeung sarimih da teu beuki cenah kana lauk asin mah, itu geuning dina catang hawuna katenjo aya hulu peda!" gerentes hate ceu icih bangun nu kesel

asa geus cangkeul birit jeung cangkeul beuheung ceu icih ngalieukan ka na panto ngarep-ngarep bah Ahmad, nu can embol-embol, ba'da lohor kakarak Bah Ahmad ngurunyung datang bari roman marahmay jeung angkaribung ngajingjing keresek bangun pinuh eusina.

"kumaha bah, hasil?" ceu icih teu sabar miheulaan nanya
"alhamdulillah geuning aya rejekina, Pak Lurah kersaeun meuli si Jalu 700 rebu, sareng ieu cenah masihan baju tilas anjeuna, aralus kenah kameja batik jeung calana, tulus atuh maneh kawin teh jaka!" tembah bah Ahmad bangun bungah

plong..hate ceu Icih ngemplong bari roman marahmay,
"alhamdulillah hi robbil alamiin !" tembalna pondok bari ngusap beungeut ku dua leungeun.

sanggeus tarapti bring sarerea indit ka terminal rek muru ka Sukabumi nepungan euis nu keur nganti-nganti.

cag

0 komentar:

Posting Komentar