Jumat, 19 Februari 2010

Kiriman ti peuting




Kacaritakeun keur mangsa peuting di hiji pilemburan nu katelah lembur Cibinong nu perenahna dina puncluk pasir nu paeunteung-eunteung jeung gunung jayanti, diwewengkon pakidulan Palabuan ratu.

harita mangsa ba'da isya, mang dadin karak balik ti mushola belah tonggoh nu teu jauh ti imahna, bus kapakarangan sanggeus morosotkeun samping polengna nu tuluy di sangsangkeun kana tak-tak, goledag gogolehean dina luhur dipan nu aya panyarandeannana nu dijieun tina awi bitung hideung, hareupeun tepas.
ret kaluhur kana lantera nu di kaitkeun kana kawat di hareupeun warung nu ngahaja masih keneh di buka nu singkalices katebak angin peuting , sabenerna warung teh asalna mah kamar hareup nu di sulap jadi warung, eusina ge teu loba ngan nu kararitu we kayaning sembako jangn nambahan resiko dapur jeung jajan budak, jeung deuih didinya mah kahiji rada anggang ka warung, kaduana pas di hareupeun jalan liliwatan ka cai wahangan, jadi lumayan we ari baralik ti cai atawa memeh kacarai sok nyarimpang mareuli kayaning sabun, sampo, odol, atawa es bon bon jang ngabebenjokeun budak ngalah anteng nungguan indungna nyeuseuhan.

kulutrak panto muka, ceu lomrah pamajikanna kaluar bari ngelek si bungsu, lengeun katuhuna ngajingjing ketel eusi ci teh panas jeung gelasna 2 siki.
sok di tunda dina talupuh dijuru deukeut warung, tuluy diuk dina tepas bari ngalahun anakna.
"nyi...pang ngalungkeun angel, jang si ujang tunduheun yeuh..!" ceuk ceu lomrah ka nyi Lia nu keur lalanggiran di jero imah bari nulis hareupeun lampu cempor.
"ih da ngaganggu wae nyi mah ..keur nulis oge" cenah bari kaleked nyokot bantal di juru handapeun jandela deukeut gulungan kasur, tuluy di bikeun ka indungna nu langsung di pake ngaganjel sirah si bungsu dina tepas bari di geberan ku samping.

Geus jadi kabiasaan di lembur etamah lamun peuting teh sok narariis heula di tepas memeh sare bari ngalobrol, kawantu dijero imah mah hareudang bayeungyang....maklum deukeut ka basisir.

Teu lila torojol pak erte nu perenahna ua-na ceu romlah, gek diuk dina tepas gigireun ceu lomrah, bru ngaluarkeun bako jeung kawung tina pesakna, gap kana kawung tuluy di cokot salambar, kop nyokot bako sacomot, sup diabuskeun kana kawung tuluy di linting, cekes-cekes..nyeuneutkeun udud bari di kenyot bangun nu ni'mat pisan, serbung... haseupna kasabudereun teras, kaambeu sengit bakona.
"euweuh caneuteunnyah?" ceuk mang dadin ka pamajikaanana bari solongrong nyokot bako jeung kawung
"ngasaan ah wa!" pok na teh
"hem" tembal wa erte bari angger ngenyot ududna.
"euh..enya poho" tembal ceu Lomrah
"nyi..pang nyaitkeun beuleum sampeu na catang hawu tuluy piringan bawa weh kadieu, tong poho jeung gula beureumna nagayoran!" cenah ngagorowok ka anakna.
"ih.... ku umi we atuh, pan nyi teh keur nyieun pe er loba keneh, bisi kaburu tunduh!" ceuk lia nembalan ti jero bari angger nulis.
"baku si nyai mah ari geus datang ngedulna teh, matak naon atuh nyieun pe er teh di beurang keneh geura tong disedek-sedek ka poek!" ceuk ceu lomrah bari kuniang hudang tuluy kadapur
"eta geura .. parawan-parawan, ieuh ..teu meunang lalanggiran kitu ..pamali!" cenah barang nempo anakna keur lalanggiran
"emang kunaon?" ceuk nyi lia malik nanya
"nyaho teu ..bisi maot kolot!" ceuk ceu lomrah nembalan
"ah..maenya..." nyi lia nembalan deui bari anger lalangiran
"hih....budak ayeunamah di bejaan teh kalahka ngaleyed" ceuk ceu lomrah bari tuluy ka dapur teu lila geus balik deui bari mawa beuleum sampeu 2 siki dina piring kaleng jeung gula beureum na ringkok leutik, cag diecagkeun hareupeun wa erte.
"sok tah wa, meungpeung haneut keneh, tuh caina dina ketel meujeuhna lumeguk geura" pok na teh bari gek diuk dina urut tadi, der deui ngageberan si bungsu.

keur kitu gerung-gerung sora motor di beulah tonggoh
"ke..ke.., sada aya sora motor nya, peuting-peuting kieu" ceuk wa erte bari ti dengdek-dengdek ngadedengekeun.
"heu euhnya...saha atuh, moal kitu nu karak balik ti panyabaan mah, asa sisinarieun !" ceuk mang dadin mairan.

gerung-gerung..kadenge deui sore motor teh beuki lila beuki narikan, bangun nu heseeun pisan ngaliwatan batu anu ringgul, sarerea mencrong ka lebah pengkolan, teu lila breh katempo aya motor nyampeurkeun ngaliwatan batu anu taringgul tea, meuni heseeun pisan, siganateh lain urang dinya meureun da mun ojeg urang dinya mah mawa motorna teh geus tapis pisan da geus biasa meureun...teu kungsi lila srog kahareupeun warung ceu lomrah, reg eureun, katembong hiji tangtungan lalaki ngora keneh make jaket hideung nu diseletingkeun setengahna, nutupan dadana nu katempo kembung pisan sigana mawa tas di jerona.

"punten, bade tumaros..dupi bumina ceu dedah palih mana nya?" ceuk ki semah bari muka kaca helmna tapi angger diuk dina sadel motor.
"teras we jang, ka peuntas ..ngan sigana moal tiasa nyandak motor da kedah ngaliwatan walungan..sangkilang caina keur ageung deuih, bari kadituna leueur deuih ma'lum usum nyijih" ceuk ceu lomrah nyelengkeung.
"ah..cobaan heula we ketah..da aya jambatan awian ..ari nanaon teh...!" ceuk mang dadin ngagebis, kapikiran ku mahehna tada teuing katempuhannana meureun lamun ki semah mihapekeun motor ka imahna, kumaha lamun eta semah ngendong, eum..meureun moal bisa sare sapeuting jeput balas nungguan motor batur.

"tah jang kalebah pudunan eta we, tuluy meuntas wahangan..sanggeus etamah nuturkeun jalan we da ngan sa arah....engke mun manggih imah, tuluy we .. nu katilu nu pang tungtungna ..eta imah nyi dedah!" mang dadin neruskeun bari tutunjuk.
"nuhun atuh, marangga sadayana" ceuk ki semah bari nyetarter motorna tuluy gura-giru indit deui mundun kalebak di jajapkeun ku paneuteup sarerea.

"semah ti mananya kang?" peuting-peuting kieu asa ku sisinarieunnya aya semah wani ngalunta kadieu bari mawa motor sorangan deuih teu dianteur ojeg, nya bisaeun kitu nanjakna? jeung ceu dedah mah asa teu bogaeun dulur ti dayeuh deuihnya?" pok ceu lomrah heraneun.
"duka teuing atuh? nya bisaeun meureun matak tepi kadieu oge!" cek salakina bari tonggoy udud.

---------------oooOooo-------------------------

Kacaturkeun ki semah bari jeung hese cape ahirna nepi oge ka imah nu di jug-jug, imah ceu dedah tea nu rada nenggang ti dua imah mimiti, kasampak nu boga imah keur ngadaraweung keneh di luar bari curinghak nempo nu karak datang.
srog motor di parkir hareupeun imah, sanggeus mareuman motor, tuluy ki semah turun bari nyampeurkeun ka tepas, tapi helm mah tetep di pake.
"punten, leres ieu bumina ceu dedah?"
"enya jang, na saha kitu? ceuk hiji awewe nu keur gogoleran nembalan bari hudang tuluy memener gelungan buukna.
"euh..ieu abdi aya titipan ti Sukabumi ceu!" ceuk ki semah bari mukaan jaketna
"titipan? ..titipan naonnya? ti sukabumi nya ti sahanya?" ceuk ceu dedah bari kerung tapi nangtung tuluy turun tina tepas.
sihoreng dina jero jaketna teh aya deui aisan matakan ka tempo pinuh pisan, tuluy manehna ngudaran aisan, di cekel kudua leungeuna bangun ati-ati pisan, buru-buru di asongkeun ka ceu dedah, tuluy balik deui kana motor nyokot tas ... song di asongkeun nu di tampanan ku salakina ceu dedah.
" abdi mah mung sakadar ka titipan ku ibu Eha ti Sukabumi, saurna aya serat dina lebet tas ..mangga we di aos, ayeuna abdi kedah mios deui... bilih kaburu wengi manten!" ceuk ki semah bari ngaleos deui muru kana motorna, gerung..gerung nyetarter motorna tuluy indit deui bangun rusuh pisan.
saba'da ditinggalkeun ku ki semah ceu dedah katut salakina kalah bengong mata simeuteun.
"astagfirullah..bapana!" ceuk ceu deah hariweus weus....bari nempo eusi aisan ....

---------------oooOooo-------------------------

Isukna kampung cibinong geunjleung, majar aya nu ngirim orok jeung bali-balina bari baloboran getih keneh tengah peuting, atuh jelema jul-jol pada hayang nyaksian kebeneranana, awewemah termasuk ceu lomrah daratang bari mawa beas sa gelas sewang, da kitu kabiasaan nana lamun nepo nu karak ngajuru teh.
"euleuh...eta budak teh meuni geulis kitu! nyaan harianeunnya indungna teh ..der dibikeun ka baturnya?" ceuk ceu Lomrah bari ngusapan eta orok
"nyasat atuh....urang ge bingung satadinamah, bari di bikeun jeung bali-balina deuih.... mangkaning urang mah pan teu bisa ngurusannana sanajan geus rea budak!" ceuk ceu dedah nembalan
"harita kenah bapana barudak dititah neang paraji di baturan ku mang uha, untung si ema na aya di imah!"
"na kunaon atuh make di bikeun? sugan budak jadah eta teh!" ceu Isah nu tadi cicing ngilu mairan
"hih...budakmah teu jadah atuh..lahir ka dunya teu boga dosa sa eutik-eutik acan, lir keretas nu bodas beresih...da nu jadahmah kalakuan kolotna meureun..lamun heu euh tea mah!" ceu Lomrah ngagebis
"heu euh...ieu oge aya suratan tidituna, majar na teh mihape cenah, panguruskeun ieu budak, da nini jeung akina mah teu wasa jeung era deuih kudu nyanghareupan pananya ti tatanggana jeung dulur-dulurna nu menak kabeh, ..pan anakna teh, ..heu euh si Ita tea pan can kawin, sasatnamah sakola keneh di bandung, teuing sakola nanahaon da ti baheula asa teu beres-beres sakola nateh!" ceuk ceu dedah satengahin gugurutu
"ari Ita teh anak saha kerah, pan euceu mah asa teu boga dulur di sukabumi lin? " tanya ceu lomrah heraneun
"eum..ah...ari nanaon teh, sok pohoan, eta geuning anakna juragan Raharja, dunungan urang baheula" tembal ceu dedah
"aeh..enya ketang, poho!" tembal ceu lomrah "cenah di bere tas, eusina naon?" tuluyna panasaran
"tuh ..tas na ge dina luhur lomari, eusinamah eta we papakean orok kayaning popok, baju, amet wareuteuh keneh masih keneh di palastikan, samping kebat 5 siki, perenel weh satengah losin, aya duitan ketang na amplop jeung surat cenah jang meuli susu, nu kamari tea ning di beulikeun we kana susu kaleng, da pimanaeun didieu mah aya susu paranti orok!" tembal ceu dedah ngajelaskeun.
"saleuheungeunnya lamun urang nyusuan kenehmah, disusuan meureun ku urang da teu boga anak lalaki ieuh, sigana mola boga budak deui meureun urang mah!" tuluyna bari ngahuleng bangun jauh panineungan
duh, karunya teuing nyai, hidep gurudag ka alam dunya teh, bet teu diharepkeun jeung bororaah dipikanyaah ku indung bapa, sasat ayana hidep disumput-sumput bari di bikeun ka batur, Kolot-kolot hidepmah mereun leuwih era ku jelema batan ku nu kawasa, pan budak teh meureun titipan ti nu kawasa nu kudu di asuh, diasah jeung di mumule sangkan hidep jadi jalma nu beragama jeung aya dina jalan anu dipirido ku Allah ta ala.
tong sieun geulis... bari jeung ripuh oge.... umi moal ngantep, pasti hidep di urus samistina didieu" gerentes hate ceu dedah bari rambisak teu kuat asa kasuat-suat ari ras inget kaanak sorangan, lamun ngalaman nasib siga kitu.
ti semet harita eta orok awewe teh di rorok di ati-ati ku ceu dedah, kanyaahna teu di wilah-wilah siga ka anak pituin na nu lain.
cag.
Selengkapnya...