Kamis, 04 Maret 2010

anakku bukan anakku




Geus jadi sabiwir hiji di pabrik teh yen neng Dewi nu geulis rancunit tur demplon teh di pikahayang ku boss na nu urang korea tea, nu katelah Mr.Ka chang, duda kolot boga anak dua, anakna kabeh di korea jeung ninina.

malah manehna sok di babawa nyaba kakota, balikna angkaribung ku rupa-rupa balanjaan kayaning pakean, sapatu model nu pang anyarna jeung rupa-rupa pangabutuh awewe lianna. Malah cenah si mister ge sok ulin ka imah neng Dewi di lembur situ, imahna nu butut tina bilik satengah badan geus di omean jadi imah permanen tina batako sanajan teu agreng-agreng teuing jeung di pinuhan eusi imahna sarupaning tipi, kulkas, vi ci di jeung pe es jang cocoan adina.

teu kungsi lila bobogohan nateh ngan ukur dua bulanan tuluy si mister di tarikan kawin ku kolotna neng dewi tapi saratna si mister kudu daek asup islam, nu disatujuan ku jinisna.

Dua minggu samemeh kawin, si mister katempo datang ka pabrik bari leumpangna rumanggieung jeung rarampeolan bangun nu nyeri, satpam heraneun pok nanya "kenapah mister jalannya egang kayak gituh!"
"oh ini...saya baru aja di sunatan!" tembal si mister bari nyengir
ngadenge kitu satpam nyerengah surtieun.
"kalow gituh, jangan keliatan ayam yach mister, nanti kantong menyannya di pacok!" cenah ngabejaan tiditunamah. si mister ukur nyerengeh nahan nyeri teu ngartieun meureun naon maksud si satpam.

Saminggu ti harida der weh hajat di imah neng dewi, hajat nu kaasup hajat rongkah da make nanggap dangdut sagala rupa, minangka perwakilan kulawarga si mister babaturan jeung bossna nu urang Korea kabeh daratang nungkulan jadi saksi.
karyawan mah meh sapabrik kabeh budal harayang nyaksian nu keur pangantenan.

Teu kacaturkeun caritana kumaha nu keur oleng pangantenan, teu karasa geus sabulan ti barang pruk kawin jeung si mister, neng dewi awakna jadi bayuhyuh, komo pelebah beuteungna mah meuni bureuteu, tuluy cenah di bawa ka dokter ku si mister, da cenah bisi cacingan atawa busung lapar tea meureun.

ti semet harita nu tadina purah banyol teh si mister jadi cicingeun tuluy di taranya ku anak buahna
"mister, kenapah sekarang jadi cicingeun gituh?" ceuk si Juha mimiti nanya
"saya heran yach sama orang Indonesia, kenapa saya sudah di steril, kok istri bisa hamil?" cenah bari ngahuleng
"oh, itu mah ada yang bocor meureun mister!" ceuk si Juha sok tau
"mungkin yae, saya belum periksa lagi yae!" jawab si mister bari unggut unggutan
"tapi kenapa saya baru nikah satu bulan, istri sudah hamil 4 bulan yae?" ceuk si mister bari ngahuleng, asa teu kaharti kumanehna meureun
"yah..si mister mah, eta sugan sebelum kawin sudah begituan belom?" ceuk si juha bari mesem.
si mister kalahka gogodeg bari ngahuleng.

5 bulan ti semet harita, neng dewi di bawa ka rumah sakit ku si mister da gegerungan nyeuri beuteung cenah, tuluy di anteur ku mobil kantor.
sanggeus nungguan sawatara lila, ahirna neng dewi gurudag ngalahirkeun budak awewe. sanggeus di beresihan jeung di urusan sapurantina orok beureum teh tuluy di pisahkeun jeung indungna ka rohangan bayi, ari indungna mah tuluy di bawa ka rohangan perawatan.

si mister nu tatadi nungkulan nu ngajuru tuluy indit karohangan administrasi, teu kungsi lila geus balik deui karohangan neng dewi.
teu ngomong ba bi bu, regeyeng neng dewi di pangku tuluy di bawa kana mobil rek di bawa balik, atuh neng dewi reuwaseun bari pok nanya
"suami, saya mau di bawa kemana? kan bayi saya masih di ruangan bayi!" ceuk neng dewi hariwangeun ka anak nu karak di lahirkeun nana
"sudah istri jangan pikiran, anak sama orang tua istri, istri pulang saja sama saya yae!" cenah bari teu paduli kana protes pamajikannana
Neng Dewi teu walakaya di bawa ku salakina balik na mobil harita kenah, ari orokna di tungguan ku indungna nu tuluy di bawa balik ka lemburna.

Sarerea harita teu ngarti ku kalakuan si mister naha tega ninggalkeun anakna di rumah sakit, sihoreng teh cenah etamah lain anak ti manehna, jadi neng dewi teh matak daek di kawin ku si mister oge sihoreng geus eusian ku batur. meureun ceuk si mister teh "anakku bukan anakku " cenah nurutan judul sinetron dina tipi.

cag.



0 komentar:

Posting Komentar